Artikel ieu bagian tina ranggeuyan Atikan Formal di Indonésia | |
![]() | |
Atikan Budak Leutik | |
Atikan dasar (Kelas 1-6) | |
Atikan dasar (Kelas 7-9) | |
Atikan menengah (Kelas 10-12) | |
Atikan luhur |
Sakola Menengah Atas (disingget SMA; Basa Inggris: Senior High School), nyaéta salah sahiji atikan menengah umum anu jadi tuluyan tina atikan dasar [1]. Atikan menengah mangrupa tuluyan tina atikan dasar[1]. Luyu jeung UU no.20 taun 2003 atikan dibagi jadi tilu nyaéta atikan dasar, atikan menengah jeung atikan luhur[1]. Atikan menengah diwincik deui jadi sababaraha rupa nyaéta atikan menengah umum jeung atikan menengah kejuruan[1]. Atikan menengah wangunna Sekolah Menengah Atas (SMA), Madrasah Aliyah (MA), Sakola Menengah Kejuruan (SMK), jeung Madrasah Aliyah Kejuruan (MAK), atawa wangun séjén anu sadarajat[1].
Pelajar SMA umumna umurna 16-18 taun. SMA henteu kaasup program wajib diajar pamaréntah - nyaéta SD (atawa sadarjat) 6 taun sarta SMP (atawa sadarajat) 3 taun - sanajan ti saprak taun 2005 geus mimiti diberlakukan program wajib diajar 12 taun anu mengikutsertakan SMA di sawatara wewengkon, contona di dayeuh Yogyakarta sarta Kabupatén Bantul.[2]
SMA diayakeun ku pamaréntah atawa swasta. Saprak diberlakukannya otonomi daréah dina taun 2001, pengelolaan SMA nagari di Indonésia anu saméméhna aya di handapeun Departemen Pendidikan Nasional, kiwari jadi tanggung jawab pamaréntah daérah kabupatén/kota. Sedengkeun Departemen Atikan Nasional ngan boga peran minangka regulator dina widang standar nasional atikan. Sacara struktural, SMA nagari mangrupa unit pelaksana téknis dines atikan kabupatén/kota.
© MMXXIII Rich X Search. We shall prevail. All rights reserved. Rich X Search